Table Of ContentSerie No. 1038 f 0.60
B E N T A NG A T J EH
WADAL KAPANASARAN
KARANGAN
H. M. Z A I N O E ' D D IN
DITJARITAKEUN DINA BASA SOENDA KOE
MOH. A M B RI
(Bak Poestaka)
BALE POESTAKA SA?* BATAVIA-CENTRUM
ïrie No. 1038
B E N T A NG A T J EH
WA DAL KAPANASARAN
KARANGAN
H. M. Z A I N O E ' D D IN
DITJARITAKEUN DINA BASA SOENDA KOE
MOH. A M B RI
(Bale Poestaka)
ing-eling mangka eling,
:mingkang di boemi alam,
ttna wawajangan bae,
ja taja pangawasa,
aoen kasasar Jampah,
paoe noe matak kadoehoeng,
3an anoe katëmpoehan,
(R. A. BRATADIWIDJAJA
BALE POESTAKA — 1932 — BATAVIA-CENTRUM
Hak noe ngarang disëngker noetoetkeun artikel 11
tina wet, noe kaoeni dina Staatsblad 1912 No. 600
I MIMITI TËPOENG
Aja rame beda ti sasari di station Sigli waktoe harita. Anoe ia-
roeroen tina kareta api mani kawas taja beakna, anoe oenggah
pagëlëk-gëlëk, pasëdëk-sëdëk djeung anoe rek toeroen, mending
moen teu raridoe mah. Kabeh raroesoeh kaboeroe-boeroe, noe toe
roen hajang geura rineh, noe oenggah hajang geura mërënah,
sieun beakeun tëmpat. Sora djëlëma geus teu poegoeh dengekeu-
neunana. Tingkëm, tjarangka tingkerekek kapëntjet-pëntjet, sora
kopër seng darderdor tidadalagor. Gembolan, boentëlan goegoe-
rajotan, goelajoen ka dieu-goelajoen ka ditoe kadoepak-doepak. Di
peron djëlëma pabalioet. Pang djadi heurin pagëlëk-gëlëk teh ka-
tambah koe noe mapagkeun djeung noe ngadjadjapkeun. Tapi koeli
mah da koeli, djeung ënggeus toeman bae ongkoh, di noe sakitoe
riboetna pabalioetna djëlëma loeloempatan, bari gogorowokan, pa-
tjowong-tjowong djeung pagawe kareta api. Ari teu njorowok,
meureun sieun teu kadengeeun koe batoerna. Noe matak harita
katjida ramena, lantaran waktoena kareta api datang mokprok
satiloe-tiloe, toeloej ngarendeng' djadi tiloe djadjar.
Ari noe gararinding mah hënteu miloe riboet pagaliwota, ting-
lalioed bae di peron, da njaho di waktoe; dina djam station tem-
bong poekoel satoe koerang sapoeloeh mënit, aja keneh tempo keur
ngawadoel. Tamba kësël tajohna, aja anoe ladjag-ledjeg, ret ka
dieu-ret ka ditoe teu poegoeh anoe dideuleuna. Anoe poelang an-
ting djalan2 bari ngagandong leungeun aja. Istri2 mah teu loba pa-
ningkah, anoe rek njaba tjat kana kareta api, toeloej mërënahkeun
andjeun, anoe di kamar tëmpat ngantos tjaralik bae, anoe di pe
ron ngaradëg, teu rea paningkah, ngadëg dengdek, rada mengpe-
lehek soteh sanes tjëtaan, nambahan manis, da bakatna. Anoe
sëdëp tjarios nja galetjok sarëng batoerna, anoe ngabëtëm bae
tjambëroet kawas keur njëri hoentoe aja. Lah, atoeh da djëlëma
sakitoe lobana, boedina oge roepa-roepa, pendekna noe manis,
noe haseum bakëtoet, anoe sëdëng, wah, sagala aja waeh.
Neng — neng lotjeng doea kali.
.,Tah, geus lotjeng doea, hajoe atoeh sarerea !" tjek nonoman
Faoerang ka batoer-batoerna anoe keur ngarioeng, narangtoeng
4
hareupeun kamar tëmpat ngadagoan. Geus ngomong kitoe, këk
tatabean djeung sakoer noe ngadjadjapkeun, pada djadjaka deui.
Djeung anoe mëdok mah leumpang ge teu lesot patjëkël leungeun
Wantoe nonoman djaman kiwari boedi basa reudjeung pëta niron
panata Eropa, geus poegoeh papakean mah. Boedak ngora hade
roepa, make tjakëp sing sarwa rapat, tjek saha lain menak. Moen
teu dikopeah matak pahili djeung sinjoh. Ieu oge menak tea mah
menak, ngan lain poetra ratoe, menak kabawa koe pangkat djeung
pangartina, da lain wëdalan sakola handap-handap.
Tjat noe kasep oenggah kana kareta, batoer-batoerna noe na-
loetoerkeun ngarandëg, toeloej narangtoeng teu aja noe miloe
oenggah, da kaboeroe neng'-neng-neng lotjeng tiloe. Geus mërë-
sen koeli djeung mariksa babawaan, toeloej nonghol tina djandela:
„Didoakeun noe di dieu sing saralamët," omongna.
„Pileuleujan," tembal noe ngadjaradjapkeun.
Gëlësër sinaltren ka Kotaradja madjoe.
„Hajoe!" tjek noe nëmpo tina djandela.
„Pileuleujan !" walon noe tinggaleun.
Kareta geus bidjil ti station madjoena beuki tarik. Anoe silih
goepajan koe tjaretjet, satoengtoeng tembong keneh mah tjelak-
tjelak, atjan eureun. Barang anoe goegoepaj ti station geus teu tem
bong, kakara noe kasep teh ngëlok tina djandela, gek dioek bari
roeroet-reret. Da poegoeh di këlas II, nja sënang nja gararënah.
Ti barang' djol kana kareta teu njaho aja noe nilik. Moen kë-
dal mah tjek noe nilik: „Tah euj, aja batoer keueung. Parangina
mah manis, pikarësëpeun. Nganggona beres pantës, boekaan po-
tongan model baroe mani rapat. Dasi soetra rereng aja soeroep
kana kamedja saloer. Panitih dasi ëmas rerentjongan mani mën-
tjënit. Lah, koe sagala soeroep. Batoer oge loembrah make kope-
ah boeloedroe, tapi na ari ieu, ëmh Saha ieuh? Asa-
na di Kotaradja mah tatjan papanggih. Handjakal moen oerang
Sigli teh, moal papanggih deui."
Barang nonoman moendoer oge tina djandela, noe nilik teh
tangginas pisan ngabalieurna, api2 teu malire. Batoer dioek, ieu
njangheuj kana djandela. Euh ati2 nakër ngareret koe djoeroe
panon.
Nonoman tea mani ngarandjoeg angënna dioek saroang kadoea
istri. Koe gëde katineungi ka sobat-sobat, nëpi ka teu kanjahoan
5
di dinja aja djëlëma. Di njahona oge teu kapalire, soegan teh lain
noe , teu disëboetkeun ngan tëg-tëg-tëg bae angënna, gë-
tihna naek. Tjek pikirna: „Saha ieu, rek ka mana, oerang mana?
Kawas-kawas oerang Priangan, da oerang Atjeh mah tara make
badjoe paris, potongan kabaja pondok, toeroeg2 disamping këbat
lereng daoen peuteuj, disëlop boeloedroe djengke, di ajana ge di
Atjeh mah arang langka. Dëdëganana ge beda, lëndjang, beuneur
sëmoe ngarareusi, pangawak kakara djadi, lain deui djeung poto
ngan oerang Atjeh." Ret koe djoeroe panon, rëj gëtih naek ka
loehoer djeungi hatena soemeredet. Tamba hënteu poegoeh polah
minangka njamahan maneh, njoesoet panon koe indoeng leungeun
diëloekkeun, ngeureutjeum ningal noe lëndjang, manan lëlër ka-
lah njongsrong, bët hajang tembong lambëjna. Sapoetangan di-
dianggo njoesoetan raraj, teu noeloengan mawa paler, soep deui
kana sakoe tjalana. Toeloej api2 toengkoel, ngoesap beungeut
djeung istigpar, pokna: „Gogoda ieuh, tapi ari sakalieun nanja bae
mah, matak naon, da teu goreng nanja mah." Ari rek pok teu wa-
ni.
Sabotna ieu noe doea silih serangkeun koe ati, kareta api mah
ngadoedoed anggër loempatna, teu nolih lëmboer kaliwat, djol an-
djog ka Padangtidji, rëg eureun saheulaanan, watara sapoeloeh
mënit, arek ngaganti hawoena, sabab ti dinja rek nandjak, bari
toenggoe kareta noe ti Kotaradja.
Tamba kësël anoe taroempak kareta di klas II, klas I taroeroen,
ngalëmpëngkeun tjangkeng. Batoer2 taroeroen anoe doeaan tea
mah teu kabawakeun, tjaritjing bae, ngan oekoer nëmpo ka loe-
ar tina djandela. Nëpi kana waktoena djoeng deui kareta indit.
Nonoman moeka koper koelit leutik, njokot boekoe, angkeuhanana
rek matja, tapi teu daekeun ladjoe, teu ari balas ngahoelëng, boe
koe teh meusmeus dilingkoepkeun, dilahoen, diboeka dibatja-batja
saeutik, heunggeu deui, toeloej tanggah moerêlëng ka loehoer,
maling2 ret ka noe deukeut sakilat koe djoeroe panon.
Teu kanjahoan deui kareta nëpi ka goenoeng, lëbah noe pang-
loehoerna. Paralak2 hoedjan, rada badag djeung kërëp. Broekbrëk
sora djandela ditoetoepkeun. Nji parawan mani mërëngoet adoe
rëgëng noetoepkeun djandela tjara batoer, tapi lapoer teu daekeun
pageuh, golosor deui njorosod, angsrodkeun deui mani tibëbërë-
geg, toengtoengna goebrag bae dilesotkeun. Sëwoer tjihoedjan një-
6
brot ka djëro, noe geulis ngëdjat bari rada ngagëro: „Jej, aja2
wae hoed jan teh."
Ari ki agoes nonoman teh bët lain noeloengan, kalah rësëp mo-
ho nendjo, ret ka handap, mikaloetjoe ka noe geulis eukeur nga-
bidjilkeun tanaga. Barang tjihoedjan njëbrot ka djëro, noe geulis
ngagëro, toeloej beberes rek pindah, kakara eling sigana, tjoel
boekoe, geuwat nangtoeng, pok ngomong: „Tjobi koe ëngkang1
oerang toetoepkeun!"
„Mangga," walon noe manis bari imoet.
Ngan sakoteap, sorolok srëk, djandela geus noetoep.
„Noehoen," tjek noe geulis.
Ditembalan: ,,Sawangsoelna, ëngkang noehoen deui." Rada
ngëlëpër ngomongna.
Njaritana kitoe pada imoet paadoe panon, saroea pada seukeut-
na, itoe teurak ieu teurak,. da doeanana pada ngarenghap, pada
toengkoel, pada beureum, pada era, sieun katëgoeh pikir, bisi di-
sëboet: ,,Eleh, make aja manah. Djeung naha ngomong make rada
ngëlëpër."
Sadjlëroningi dioek deui teh noe anom teu poegoeh pikir, teu
poegoeh rasa, bieu keur pada nangtoeng noe geulis kaangseu seu-
ngitna. ,,Ëngh," tjënah, rëp njaksrak ka saloear badan, njërëp
kana baloeng, kana soengsoem. „Naha saha ieu teh, oerang ma
na? Lamoen imahna di Kotaradja, tangtoe ëngke papanggih deui.
Lamoen seug lah! koemaha teuing' Lah, hajang
teh njaho ngaranna. Tapi, wah gogoda woengkoel ieuh. Naon
make hajang wawoeh, hajang njaho ngaranna sagala? Koemaha
lamoen ëmh heug Mending2 lamoen ...
koemaha lamoen hënteu." Bari ngalamoen kitoe leu-
ngeunna teu tjitjing, nimang boekoe, teu poegoeh2 hajoh dipoeih-
keun disanggapan.
„La illaha illëlloh, astagfiroellah," omongna. Sot boekoe, diteun-
deun di gigireun, tjoepoe-tjapa kana sakoe. „Aeh ieu," pokna. Ra-
rasaanana tjëpoek sigaretna atjan diasoepkeun kana sakoe badjoe-
na. Tjëpoek diboeka, eusina pinoeh, beunang ngahadja ngeusian
tadi memeh indit. Toeloej njokot sigaret hidji, toengtoeng kënjo-
teun dikëtroek-këtroek kana tjëpoek, moeragkeun boeboek bakona.
Roko dikana-biwirkeun, tjëpoek disakoean deui, koesiwël kajoe a-
7
pina, toeloej sigaret diseungeut. Njot oedoed siga ni'mat mani pë-
Ier. Haseup ngëboel dimonjongkeun, ditioepan.
Tjarekna njëboet noehoen teh tadi, ngan sanoehoen-noehoenna,
teu ngomong deui. Djadi doeaan teh pahënëng-hënëngi, pada teu
wani ngomong ngadjak njarita, padahal dina, hatena saroea rame-
na. Tapi pantës pangkitoena teh, sabab doeanana daroesoen ke-
neh dina përkara eta mah, doeanana kakara ngangkat birahi, gë-
de kasieun, wanina wantërna ngan dina lamoen.
Hoedjan masih ngagëbret keneh, di djëro kareta ngëlëkëb panas.
Nonoman maksa mërangan pikir, moeka boekoe maksa matja, ha
jang paler di ditoena mah. Tjape sigana meunang sakatja teh,
teu poegoeh kahartina, tjampoer beubeunangan matja djeung la-
lamoenanana. Eta matjana teu antëng, panonna meusmeus ret ka
eta noe deukeut. Ari itoe, nja kitoe deui, ari noe matja siga keur
djongdjon, diserangkeun koe djoeroe panon. Parëng noe nje-
rangkeun pageuh mani nantjëb, noe matja katëroesan rasa tjëng-
kat bari ngareret ka noe sasari, gok njeh doeanana.
Itoe era, ieu era, asa kapërëgo.
Noe istri toeloej dongko narik boelëng hoë ti handapeun bang-
koe, njokot loemoer doea djeung limoen sabotol. Loemoer dibë-
rësihan koe sërëbet. Beunang ngabërêsihan tjoer dieusian limoen
Noe saloemoer ditjëkël koe katoehoe, pok ngomong ka noe keur
matja. „Jeu manawi ngërsakeun ngaleueut."
„Euleuh, teu kintën noehoenna, mangga," djawabna bari nam-
panan. Rëgot diinoem nëpi ka beak pisan. Loemoer kosong dia-
songkeun ka noe mere, basana: „Lah noehoen nakër, keur hana-
ang dipaparin pamepesna." Gek deui dioek noeloejkeun matja.
Dina hatena keukeuh hajang wawoeh, komo barang kanjahoan
keur matja boekoe deui tjara manehna.
„Tah, nja noe kieu dilamoen teh," tjek pikirna. ,.Koe hajang
neuleu awewe bangsa Atjeh kabeh meunang pangadjaran, sara-
kola, oelah tjara ajeuna, boro2 bisa matja, bisa noelis, teu njaho
di aksara-aksara atjan. Kamadjoean teh moal kaoedag, lamoen a-
wewena tinggaleun, nadjan lalakina geus madjoe, geus palalintër.
Ëmh, lamoen seug manehna bangsa Atjeh, meureun daekeun djadi
batoer dina ngoedagi noe dipiangën-angën, nja eta kamadjoean
bangsa. Daekeun kitoe diadjak wawoeh? Pantësna mah daekeun,
da teu doesoen sigana, boeboehan wëdalan sakola, djeung deui
8
tadi kapan make nawaran limoen nanaon. Anoe doesoen mah moal
ënja teuing wanieun njieun pëta kitoe ka lalaki noe teu wawoeh.
Keun rek diwawoehan, ah."
Ari tjéngkat beh ningal raraj gamoelëng, rada neros, keur ma
nis ngëmpoer tjahjana, hëk napasna sakëdapan ngarandëg, rahoeh
tër ngagëtër, piomongeun leungit, tikoro asa kasëlëk. Renghap-
renghap, njot oedoed, kop deui kana boekoe, toeloej toengkoel.
„Astagfiroellah," tjek pikirna, „naon ieu teh, atjan wawoeh2
atjan geus kagëndam." Tjëngkat deui tanggah, ngëboel2 haseup.
Keur kitoe gëtjrik, goeloetoek-goeloetoek botol oeroet limoen
tea. Mani kawas djaroem kasërot koe poerasani, ngan sakitjeup
nonoman ngarongkong, newak botol.
„Soebhanallah, hilap hënteu dilëbëtkeun kana boelëng," tjek
noe boga. „Noehoen, Djoeragan." Botol ditampanan, toeloej di-
asoepkeun kana boelëng bari omongna: „Mani parantos doea kali
abdi kahoetangan koe Djoeragan."
„Ah, sanes ngahoetangkeun eta mah, djamak bae. Sarëng eta
ëntong njëbat djoeragan deui, bët ararisin."
„Kah, na këdah koemaha atoeh?"
„Ah, ëntong1 eta wae."
,,Këdah koemaha, da teu tërang."
„Lah, Énden mah, ëngkang bae kitoeh." Lëbah ngëdalkeun
ëngkang mani tingsariak, tingseredet, teu poegoeh rarasaan.
Noe dibawa ngomong teu ngawalon, ngan imoet toeloej toeng
koel njokot deui boekoe arek matja.
„Ënden!" tjek noe hajang diëngkangkeun.
,,Kah," walonna.
„Ëngkang bade toemaros."
„Mangga, bade mariksakeun naon?"
„Lërësna mah këdah tadi ëngkang naros teh."
„Teu sawios ajeuna oge."
„Sanes, Ënden teh bade angkat ka mana sarëng moelih ti
mana?"
„Bade ka Kotaradja, wangsoel ti Sigli."
„Atoeh noehoen, da ëngkang oge bade ka ditoe deuih. Doepi
boemi di mana?"
„Soemoehoen, di Kotaradja."
„Di lërësan mana di Kotaradjana teh?"